• Saat ini anda mengakses IndoForum sebagai tamu dimana anda tidak mempunyai akses penuh untuk melihat artikel dan diskusi yang hanya diperuntukkan bagi anggota IndoForum. Dengan bergabung maka anda akan memiliki akses penuh untuk melakukan tanya-jawab, mengirim pesan teks, mengikuti polling dan menggunakan feature-feature lainnya. Proses registrasi sangatlah cepat, mudah dan gratis.
    Silahkan daftar dan validasi email anda untuk dapat mengakses forum ini sepenuhnya sebagai anggota. Harap masukkan alamat email yang benar dan cek email anda setelah daftar untuk validasi.

(Joke) Kumpulan bobodoran Sunda!

cotutgaulCoraSolar

IndoForum Senior A
No. Urut
51340
Sejak
28 Agt 2008
Pesan
8.284
Nilai reaksi
259
Poin
83
yang punya joke/bobodoran/humor dalam bahasa sunda share disini :D:D
momod kalo berkenan sticky :x:x
:))

mulai yey.
Poe Jumaah
Nemesis : "kris, ari ayeuna poe naon?"
akira : "Poe Kemis"
nemesis : "Ari isukan"?
akira : "Poe Jumaah"
nemesis : "Ari geus Jumaah?"
akira : "Nya balik atuh sis, piraku cicing wae di mesjid".
nemesis : "Pinter geuning kris mah."
(akira jeung nemesis tingserengeh, dibaturan ku nu maca)
:)):)) :P kena loe berdua /gg/gg :P

SeMeSan

Pasosore jang gerry ngahajakeun ulin ka Si Dzyre sobatna. Kasampak di imah Si Dzyre aya Ninina, Nini Hanny keur ngawangkong di hareup bari ngawedang kopi hideung jeung seupan sampeu anyar nyait tina panyeupanan, panas tur ngebul keneh.

Jang gerry nyampeurkeun tuluy nanya ka nini Hanny,nini na si Dzyre.

Gerry, "Punten Ni, ari Hanny aya di ompok deh?"

Nini Hanny, "Aya bieu mah di tukang keur semesan sosoranganan wae handapeun tangkal kopo."

Gerry, "Haaarr...ari nini, piraku maen batminton sosoranganan?"

Nini Hanny, "Lain keur batminton, tapi keur semesan, eta geuning nu sok dipencetan ku indung leungeun make hempon."

Gerry, "Oohh...sanes semesan atuh Ni, tapi SMS-an eta mah. Kunaon dipencetana ku indung leungeun henteu ku cinggir nya Ni?"

Nini Hanny, "Bieung ah, teu nyararaho kuring mah."

Gerry, "Ari cinggir mah paranti meresihan rorompok korong."

Nini Hanny, "Nurustunjung siah, kuring keur ngawedang yeuh!"

Gerry, "He-he, punen Ni, heureuy. Mangga atuh, rek ka tukang nyampeur si Dzyre, bisi kumaha onam..!"

Nini Hanny, "Nos! Kaditu sampeurkeun bege!"

=)) :))

pis ah :))
 
Haizh! -_-;

ga ngerti, ah...

btw, knp saya yang masih muda dan cuantik gni jadi nini2...??? :((
 
ai geus jumaah mah sabtu bedul... :P

mun geus jumaahan karek balik... ;))

ah dodol si borokokokmah :P
 
Tukang Obat - Nyeri Sirah
Sebut wae ngarana Mang Ihin, tukang obat keliling, nu sok mangkal di hareupeun kantor pos. Jam dalapan manehna geus ngampar, manehna teh spesialisasina kana obat nyeri sirah tradisional, bari terus gogorowokan sangkan nu liwat katarik ku obat nyeri sirah "made in" manehna.

Mang Ihin terus noroweco, "Bapa-bapa, ibu-ibu, sareng saderek sadaya, mangga cobian ieu obat, dupi obat nu didagangkeun ku sim kuring taya lian ti obat nyeri sirah, obat nu cespleng.

Upami Bapa atawa ibu katerap panyawat nyeri sirah, cobian nuang ieu obat, moal samenit-menit acan eta panyawat nyeri sirah bakal ical, ieu memang terbukti obat nyeri sirah paling cespleng," cek Mang Ihin teu siriknya nepi ka gogorowokan, ampir-ampiran beakeun sora.

Tapi saurang oge teu aya nu mirosea, nu liwat ukur ngareret wungkul. Malah nu liwat kalah katarik ku atraksi tukang obat kulit nu maenkeun oray kobra.

Geus leuwih ti tilu jam meureun Mang Ihin gogorowokan teh. Geus kasawang ku manehna moal aya jalma nu ngabandungan omongan manehna, Mang Ihin terus meresan daganganana. Memeh balik, manehna nyampeurkeun tukang dagang nu ngadon dagang di jero kios sisi jalan.

"Peryogi naon Mang?", Ceuk nu dagang tina jero kios.

Mang Ihin, "Cik Jang, sugan aya procold, meser dua mah. Puguh rada nyeri sirah Emang teh, dagang ti isuk teu aya nu ngareret-reret acan" Ceuk Mang Ihin bari ngasongkeun duit lima rebuan salambar.
by zamzam.

Beakeun Bahan
Dina hiji mangsa Pa ulis indit ka Rumah sakit,maksudna nek ngoprasi anakna anu suing, sabab cek beja ti bupati aya program Operasi biwir suing masal,

Enya we pas tepika rumah sakit geus ngantri anu rek operasi, selang 5jam kakara ka giliran anak pa Ulis,"sok canak putra na pa kalebet"cek Dokter, selang 1jam geus beres, "beres dok?" cek pa ulis, "muhun pa,antosan 3 mingon nembe prbana di laan nya pa"saur dokter, leos weh pa ulis mulih.

Selang samingu budak na pa ulis ngadu cenah aya nuaneh, sabab tiap anak pa ulis kiih(kahampangan) eta biwirna ngadadak enyar enyur ngageter, pa ulis reuwas.

Isukna pa ulis langsung gura giru ka rumah sakit nek ngontrog dokter, pas geus paadu hareupan langsungwe pa ulis ngadu masalahna, " pa Dokter kunaon pura abdi teh biwirna jadikieu? " cek pa ulis, "nakumaha kitu pa.!"

Dokter bingung, "kieu pa kunaon tiap putra abdi kahampangan biwirna enyar enyur ngageter?", jawab dokter "o... Punten pa kumargi, bahan kange nambal biwir putra bapa seep, nya kuabdi di gentos ku daging gagaduhan sapi anu awewena.".."o... Paingan atuh, kabitaeun meren..."
by bardu

2 X 2 = 0
Basa dina pelajaran matematika SD,

Guru Cybernu: "Opat tambah dua sabaraha Nus?"

Jalinus : "Genep Pa"

Guru Cyrbernu: "Alus, ari lima dikurang dua sabaraha Ni?"

Hanny : "Tilu.."

Guru Cybernu: "Bener... ari dua dikali dua sabaraha gray?"

Gray (bari luak-lieuk) : "Seep Pa Guru ...."

Guru Cybernu: "Naha bisa kitu Gray ?"

Gray : "Muhun pami tangkal sampeu dua dikali duanana nya seep we..."

Guru : "??!!"zzz


:))

Jiang Zemin Orang Garut ?
Djalinus : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?"

Abah Notia: "Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003"

Djalinus : "Uiii hebat euy ..."

Abah Notia: "Abah teaaa ....", bari ngusapan kumis bakat ku bangga.

Djalinus : "Bejana Jiang Zemin teh aslina orang Garut nya Bah."

Abah Notia: "Ah... ceuk sahaaa ...??"

Djalinus : "Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina ganti ngaran jadi Jiang Zemin ... hehehe ... Kabayan tea..." bari gura-giru ngaleos

Abah Notia: "Dasar si borokokok !!"

:D:D
 
ciganna ieu mah tina Mangle nya??
 
Wew! Aya keneh nu maca mangle...???

Ebi, ternyata bacaannya kayak gtu... /no1
 
ah tong sok api2 teu terang!!
 
/omg
piraku org bandung teu apal!!!

mangle teh majalah sunda...
 
^
oh kitu-nya

hampura.../wah
 
santai we kang /heh/heh
ini kalo bisa ada yg bantu QUOTE trus EDIT yah nama2nya biar lucu /heh
Ateul jeng Gateul
Amang, "Bi, ari obat ateul kunaon?"

Bibi, "Di aro wae"

Amang, "Ari obat gateul?"

Bibi, "Di garo...!"

Amang (aro-aro teu ateul...)

Basa Bapa-Bapa Balanja Ka Palasar

Basa na Salasa jam dalapan Mang Dadang ngahaja jalan ka pasar Majalaya hayang balanja lalab-lalaban jang sarapan. Barang datang ka pasar nyampak kang Dana mamawa anakna balanja kalapa salapan.

Mang Dadang :"Naha kang balanja kalapa? Kan kang Dana aya tangkalna dalapan?"

Kang Dana :"Ah … nya jang babawaan ka bapa mang, bapa saya hayang martabak kalapa…mang Dadang balanja lalab? Mana samarana?"

Mang Dadang :"Aya tah laja ... salam."

Kang Dana :"Naha laja salam, mang Dadang tara masak nya? Tah bawa kalapa jang lalab mah."

Mang Dadang :"Nya lah ngajaran dahar lalab aya kalapaan …. mangga Kang."

Kang Dana :"Mangga…."

Mang Dadang kapaksa mamawa kalapa, padahal kahayangnamah mamawa samangka sakaranjang jang anak-anakna. Kang Dana mapay-mapay jalan satapak, rada hanjakal mamawa kalapana ngan dalapan... TAMAT... dadaaaah :P

Anak Anjing
Ibro : "Naha Din lain Anjing teh haram ceuk urang Islam mah..."

Udin : "Ya iya laaah....na kunaon pake nanya kitu..?"

Ibro : "Tapi geuning pak haji jeung bu haji di kampung dewek mah ngaringu anakna, diusapan, dihuapan, komo nu masih leutik keneh mah malah sok sare bareng sagala..."

Udin : "Ah..!!! haji nanahaon nu kitu mah... dosa besar !!"

Ibro : "Maenya..?? kan nu diinguna ge anak pak haji keneh ..wew !!" bari lumpat

Udin : "??!!@#$"
 
nya kang Translate....
 
hatur nuhun kang bobodoranna
lumayan tiasa ngubaran sono ka lemah cai
 
^ WADUH ... KANG MEUNI LEMAH CAI PISAN :)

abdi urang sunda asli, pun bapa ti cimahi, pun biang ti majalaya :-bd

tapi ayeuna, calon istri asli betawi... :D

jadi campuran sunda betawi yeuh :-bd
 
Kaduhung uinx mah asup ka thread ieu... :|
teu bisa eureun seuri, goreng gorengna nyerengeh sorangan.... isuk isuk geus dicarekan pamajikan, pajar teh jiga nu ngajeprut urat sarap, cacalawakan bari neureuyan bala bala...
=))

nuhun ah kang, guyon na lalucu pisan, bahan bacaeun ari keur lieur, sugan we tambah lieur... :))
 
 URL Pendek:

| JAKARTA | BANDUNG | PEKANBARU | SURABAYA | SEMARANG |

Back
Atas.