• Saat ini anda mengakses IndoForum sebagai tamu dimana anda tidak mempunyai akses penuh untuk melihat artikel dan diskusi yang hanya diperuntukkan bagi anggota IndoForum. Dengan bergabung maka anda akan memiliki akses penuh untuk melakukan tanya-jawab, mengirim pesan teks, mengikuti polling dan menggunakan feature-feature lainnya. Proses registrasi sangatlah cepat, mudah dan gratis.
    Silahkan daftar dan validasi email anda untuk dapat mengakses forum ini sepenuhnya sebagai anggota. Harap masukkan alamat email yang benar dan cek email anda setelah daftar untuk validasi.

Cing Kumaha Bahasa Sunda Anu Halus Teh ^^..

notia

IndoForum Senior A
No. Urut
8464
Sejak
4 Nov 2006
Pesan
8.004
Nilai reaksi
473
Poin
83
Hayuuu, para Sadulur, Saderek, urang nganggo Bahasa Sunda Nu lemes dina Thread ieu, upami aya kalepatan bahasa abdi nyuhunkeun maaf mihapunten nya ka sadayana.
 
sae ieu thread kang ^ ^ hayu atuh urang nyarios sunda nu lemes sakantenan ngaleresken nu lepat-lepatna.
 
samuhun kang gray, aduh kamarana deui ieu baraya teh, didangdos nya ku abdi :D
 
Leres kang..... abdi dukung, umumna kangge ngalastarikeun babasan sunda halus/lemes, khususna ka pribados sakantenan ngalatih teras ameh henteu kagok tur kahilapkeun.
Da kumaha atuh.... sadidinten mah seringna kasar kitu....
 
^
upami di Bandung mah leres kang sadidinten na teh seueurna mah kasar dina babasaan teh. Sareng tara diajarkeun kumaha babasaan Sunda nu leres teh janten sakedik pisan urang Bandung nu sae babasaan Sunda na. Cing sugan ti thread ieu urang2 sadayana tiasa ngalemeskeun babasaan meh katinggal sae ^ ^ sok atuh kalebet ngiringan didieu nu tiasa sareng teu tiasa Sunda nu lemes. Nu Sundana lepat atanapi kasar urang lereskeun. Sakantenan abdi ge bade tumaros ieu teh mana nu leres upami nyarios ka pun bapa atanapi ka pun ibu:

1. Abdi bade angkat ka sakola
2. Abdi bade mios ka sakola

sareng nu ieu (situasina nuju nyarios ka nu saluhureun):

1. Bapa nuju tuang.
2. Bapa nuju neda.
 
Samuhun kang Gray, upami di lembur abdi mah di cianjur, ti sd nepi ka smp diajarkeun palajaran bahasa sunda anu halus.
 
simkuring ngiringan ngumpul didieu-nya akang-akang sareng teteh-teteh, mugia ku ayana ieu tret tiasa ngamumule bahasa sunda anu lemes:)
 
Ahey...,

abdi mah nteu tiasa nyario Sunda lemes...

leuleus mah tiasa... :P
 
^
saterang abdi mah teu aya Sunda leuleus nu aya teh Sunda lemes ^ ^
 
Setan wilujeng Sumping

Edeuh edeuh...Teu tiasa nu lemes.Nu biasa we atuh.Upami abdi nyarios mah paur ditonyok ku rencang didieu.Nami na ge setan,kedah maklum.
 
is piraku ditenggel pedah si akang te tiasa nyarios sunda nu leres ^ ^ moal atuh kang, pan ieu thread didamel ku kang notia teh sapados urang2 tiasa nyarios sunda nu lemes janten sae katinggal na pan urang Sunda teh saurna mah kahontal sae dina babasaan. Pamegetna karasep istrina gareulis (salian ti abdi hahaha ^ ^)
 
sok ah ngiringan...
tapi ayeuna mah mejeng heula we,kumargi teu acan wanoh ka sadayana ieu teh;))
 
^
ah kang namina ge internet ^ ^ nu penting mah aya kawani sareng niat diajarna
 
para sadulur sadayana kumaha daramang?, punten abdi atos tilu dinten teu Log in, aya kaperluan kulawarga ka Jakarta, abdi ngadangu ti radio El Shinta di Bandung aya hujan es? aya nu apal beritana?
 
^
leres kang, caah kuat ka ageng kitu, bentar di mana2 sareng es batu maruragan ti luhur asa siga dibaledogan batu >.< kamar abdi oge janten bocor kang untung komputer teu reksak padahal cai ngeclakan ka komputer sareng laptop. Saterang abdi mah nembe ayeuna kajadian siga kieu teh
 
basa sunda lemes mah.... nu ieu nu apal ku abdimah

"budak leutik bisa ngapung....
babakungapungna peuting..
kalayang-kakalayangna
neangan nu amis-amis
sarupaning bubuahan
naon wae nu kapanggih"

tah eta basa sunda nu lemes sane.... hahha
 
^
hahahaha leres oge nya XD
 
^
leres kang, caah kuat ka ageng kitu, bentar di mana2 sareng es batu maruragan ti luhur asa siga dibaledogan batu >.< kamar abdi oge janten bocor kang untung komputer teu reksak padahal cai ngeclakan ka komputer sareng laptop. Saterang abdi mah nembe ayeuna kajadian siga kieu teh

Eleuhhh meni ka serem kitu, di bumi cikarang oge turun hujan es ceunahan, sagede sagede kuku cingir pun istri eleuh eleuh, mugi mugi teu tambih ageung unggal taun nya, amien
 
Aamiin...

Untung weh, abdi mah nteu ngarasaan hujan es eta... ngarasaanna badai... hujan sareng angin meni gede pisan... nepi dahan dan ranting patah semua... :P teu tiasa nanaon... nyumput weh di kampus, da bakat ku sieun tea... :P

pernah ngarasaan hujan es teh keur basa kelas 2 SD... (taun sabaraha, eta...???) :D
 
 URL Pendek:

| JAKARTA | BANDUNG | PEKANBARU | SURABAYA | SEMARANG |

Back
Atas.